Monday 4 June 2012

0

Fikmin Sunda: Balakécrakan

  • Monday 4 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Geus nampa gajih mah, leumpang téh asa mincrak. Méméh mulang ka imah, kukurilingan heula di Jatinangor. Kabeneran panggih jeung Ringgo, babaturan baheula di kampus. Keur ngobrol ngalér-ngidul, karasa lapar. “Geus tuang, Go?” kuring nanya. “Encan euy…” témbalna. “Hayu atuh tuang bareng” ceuk kuring bari lenga-lengo ka peuntaseun jalan “Ah, teu boga duit, can gajian!” ceuk Ringgo bari gégétrét. “Kalem. Kuring tadi anyar gajihan. Ditraktir lah!” cekéng téh. Ringgo curinghak “Hayu, hayu!” Ngahaja kuring ngajak tuang di Hoak-Hoak Béntol. Porsi jumbo! meungpeung aya duit. Katambah Ringgo can pernah tuang nu kitu cenah, hayang nyobaan. Salila tuang, kuring jeung Ringgo ngobrol mangsa kuliah. Meusmeus belewek, meusmeus babarakatakan. Teu karasa, geus adan magrib. Waktuna babayar. Barang muka dompét. Gebeg. Euweuh duitna. Boa-boa tinggaleun dina laci. Pikeun ngareureuhkeun kareuwas, tuluy ngajak ngobrol deui, bari mikiran kumaha carana mayar. Rét kana arloji Ringgo, bari nebak-nebak sabaraha hargana…
    [04 Juni 2012 21:00:48]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Balakécrakan”

    Post a Comment

    Subscribe