Monday 4 June 2012

0

Fikmin Sunda: Keukeuh

  • Monday 4 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Keur anteng maca, manéhna norojol deui. Gék diuk hareupeun kuring “Kang…” pokna. Kuring nutup buku. “Abdi téh ayeunamah badé balaka… abdi…saleresna… bogoh ka akang!” ceuk manéhna. Gebeg. Kuring reuwas naker. “Dupi haté akang kumaha ka abdi?” manéhna nanya. “Embung ” cekéng téh. “Naha.. akang.. meni.. téga…” ceuk manéhna, hariweusweus. “Pokona embung” Jempling sajongjonan. Kuring maca buku deui. Katempo manéhna lalaunan muka kancing, ngabibita. Kuring teu maliré. Ijid. Manéhna rénghap ranjug bari ngancingan baju. ”Akang kedah bogoh ka abdi!” ceuk manéhna bari nangtung. “Embung!” Ceuk kuring, teugeug. Manéhna ujug-ujug pepereket nyekelan leungeun “Mangtaun-taun abdi tos…” Kuring ngépéskeun leungeunna “Embung ih meni maksa! Istighfar!” Kuring cengkat. Laju muka panto, nitah manéhna kaluar. Kang Nono jamedud. Laju ngaléos bari najongan cangkang aqua…
    [04 Juni 2012 18:15:18]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Keukeuh”

    Post a Comment

    Subscribe