Friday 27 February 2009

0

Sajak Sunda: Rusiah Cinta

  • Friday 27 February 2009
  • Unknown
  • Share
  • Nyatana hate mah teu wasa nahan wakca
    sanajan ungkara dibaheum, sanajan tunggara disidem
    Nyatana cinta mah sumerah manah
    ngawarah caah amarah, nyimbeuh seuneu kageuleuh
    Nyatana panutan mah ngarusiah dina hate nu simpe
    nguliat nyoo tibelat, nguniang milang kahayang
    Nyatana jungjunan mah gentra kanyaah
    satia ngayuga rasa ka tungtung hirup
    Ciromed, Februari 2009
    Puisi komentar buat Puisi Wilujeng Wengi Jungjunan Mien Ardiwinata
    Catatan di Facebook.com

    0 Responses to “Sajak Sunda: Rusiah Cinta”

    Post a Comment

    Subscribe