Tuesday 10 March 2009

0

Sajak Sunda: Wirahma Aksara

  • Tuesday 10 March 2009
  • Unknown
  • Share
  • Wuwung langit nu kasawang jangkung
    ngawurkeun langgam hujan, halimpu nyulam puhu kalbu
    meulah pikir maksa mieling lumampah diri
    Geuning duriat teh lir gundam maca kelir langit
    geumpeur ku honcewang ngadegkeun kahayang
    ngundeur hariwang di galengan harepan jeung kanyataan
    palangsiang boa kabagjaan sajati teh ukur kalangkang sulaya
    Langgam angin, hiliwirna melang mapay gigir manah
    Kahayang ngan ukur karasa sengitna memeh leupas
    lir hate nu wasa wakca ukur ku wirahma aksara
    nyambat ngaran panutan, mieling raray jungjunan
    Estuning hariring manjang mapay peuting
    milang kalangkang nepi raat di tepas balebat
    cipruk ku girimis tunggara, inggis di tengah sagara rasa
    Nyaan, wuwung langit nu kasawang jangkung
    Aya kukupu eunteup ngeukeupan bangbaluh
    karasa raheutna, mung eleh ku leubeutna geugeut…
    Majalaya-Ciromed, 2009

    0 Responses to “Sajak Sunda: Wirahma Aksara”

    Post a Comment

    Subscribe