Sunday 20 July 2008

2

Carpon: Angin Peuting di Jatinangor

  • Sunday 20 July 2008
  • Unknown
  • Share
  • Jam sabelas peuting ujug-ujug hayang ulin ka Jatinangor. Hese pisan megat mobil, puguhing geus peuting pisan. Jabaning tiris karasana, dunya keur usum angin. Tapi teu lila karasa haneut pareng nempo langit peuting, bulan buleud diriung bentang baranang. Loba nu geus robah di alam dunya, jalan, imah, tatangkalan, wangunan, tapi bulan jeung bentang mah ti baheula ge masih endah. Zaman geus gancang robah, tapi langit tetep anteng. Ti peuting mah, jalan tiiseun, dunya jempling…
    Katempo aya angkot datang. Kuring geuwat megat. Supirna make kupluk, pelenyun udud bangun nu nikmat. Di jero aya tilu jalma. Barang asup karasa gandeng ku nu ngobrol. Nu hiji deui mah katempo sare tibra nyarande. Nu duaan baceprot teuing ngobrolkeun naon. Nu hijina mamawa gitar butut, sakapeung gombreng sora gitar diome. Cakakak nu hijina seuri jiga anyar lunas hutang. Lila kalilaan kaambeu bau AO. Singhoreng nu duaan keur mabok. Puguh nu keur sare mah bau dahdir. Supir bau udud. Ari kuring mah bau geutih duriat nu can garing.
    Di pas pengkolan Sanur teh ujug-ujug macet. Hiji-dua mobil ngahiji, manjangan, lantaran aya proyek ngaspal. Ti arah Cileunyi jeung ti arah Sumedang jalur diatur. Dina jero mobil budak pamuda nu titatadi ngobrol ngadadak ngutruk. Kadangu titatadi ge puguh basana kasar.
    “Anj***! Wayah kieu macet sagala!”
    “Heueuh, Ding, gob*** pisan jalma teh!” Gombreng
    Tidinya mah nuduaan teh baceprot deui ngobrol, ayeuna mah sual awewe. Karasa deuI angkot maju. Angin nu asup liwat panto karasa seukuet nyingkap baju, nurih kulit. Kadangu aya ponsel disada. Babaturan nu mawa gitar rikat ngodok hape tina sakuna.
    “Hallo…Ges, dimana maneh anj***!? ….Jeung saha? … Aing keur dina angkot keneh? … Gob***siah! …saha?! …embung anj*** ah! …maneh we nu turun anj*** ah! Mana? … Hallo… Anj*** sia kamana wae? … cenah rek mere gob***! …demi Alloh?! …embung Anj***! …demi Alloh?!”
    Teu karasa geus nepi Jatinangor. Kuring turun. Kadenge keneh sora dua pamuda dina angkot seuri nyakakak, najan angkot mingkin jauh…
    Sapanjang jalan Jatinangor kuring leumpang. Katempo masih aya tukang dagang mangkal teu jauh ti gerbang Unpad. Angin peuting mingkin gede karasana. Teu kungsi lila kadenge aya SMS.
    Hallo, brow. Kirain Lo dah kawin. Gue kapan2 maen ksana. Gue gy malem mngguan di Dago sm si doi, sama anak2 geng motor lho. Lo dmana?
    Kuring neleg ciduh macana ge. SMS ti babaturan awewe keur SD. Sangheuk ngabalesna ge, da puguh teu boga pulsa.
    Kuring leumpang terus, ninggalkeun panineungan. Kuring leumpang deui, ngahaja sakeudeung diuk deukeut tukang bajigur. Mesen hiji da kabita. Teu kungsi lila sagelas bajigur geus aya hareupeun, ngebul keneh. Regot sakali, karasa amis maseuhan letah. Lampu caraang sapanjang jalan, kucap-kiceup warna-warni. Tatangkalan patinggarupay katebak angin.
    Dunya geus robah, jalma geus ngalayah. Zaman geus robah, barudak kembang panineungan kuring baheula geus ingkah, geus robah. Didieu, kuring masih didieu, ngawangun saung di hate sorangan. Nyumput buni milang diri, midang kahayang diri.
    Kalayang teuteup eunteup di langit peuting, ngararasa angin peuting. Karasa endah mun pareng peuting. Ngajanteng hareupeun diri sorangan, lir ibarat anteng nyanghareupan eunteung. Hirup teh saenyana tiiseun. Lila kalilaan mah hirup teh bakal tiiseun…
    Kuring nempo langit peuting, ngararasa angin peuting, karasa bungah. Duh Gusti, tong gancang datang beurang…
    Jatinangor 2008

    2 Responses to “Carpon: Angin Peuting di Jatinangor”

    jaka said...
    18 March 2022 at 04:27

    Punteun ah kang ngiring komen, janten emut gerbang unpad taun 2003-2004 😢


    jaka said...
    18 May 2022 at 19:41 This comment has been removed by the author.

    Post a Comment

    Subscribe