Tuesday 12 February 2008

0

Carpon: Nu Mangkat Nyaba

  • Tuesday 12 February 2008
  • Unknown
  • Share
  • Carpon Badru Tamam Mifka


    Kang Jaja rèk mangkat nyaba ka Jakarta. Mèmèh mangkat, isuk-isuk kènèh manèhna mumuluk bubur ayam. Teu poho pus-ap lima kali, sit-ap lima kali, pul-ap opat kali karasa geuning manèhna hahèhoh jeung lapareun deui. Belewek jajan buras. Ku keyeng kahayang muru dulur rèk milu dagang di kota, bèla meupeus cèlèngan bangkong nu mangbulan-bulan can di buka. Barang prèk peupeus, katèmbong sapuluh rèbu aya genep, dua puluh rèbu aya dua, lima rèbu aya tujuh, rèbuan aya tilu puluh, cucunguk paèh aya tilu, rècèh saratus logam mah horèam ngitung. Sawarèh rumasa kudu dibikeun ka indungna pikeun balanja sapopoè. Sèsana di pakè ongkos nyaba. Enya, saongkoseun gè baè cenah, da geus tepung mah jeung Mang Teten di Jakarta moal kudu hariwang.

    Dua taun katukang Mang Teten geus tiheula ngalalana di Jakarta. Kamari pisan manèhna ngirim surat ka Kang Jaja sangkan nuturkeun ka Jakarta, mantuan ngepak bubuahan di ruko. Lumayan cenah, batan huleng jentul cicing di lembur taya pagawèan nu alus. Nya kitu keur mangsa luntang-lantung jeung Mang Teten di lembur gè, Kang Jaja jeung Mang Teten teu welèh paheuyeuk-heuyeuk leungeun sapapait samamanis. Kitu tea Mang Teten mah resep ngalalana abong urang Tasik, dalah Kang Jaja mah kacida kurung batok teu wani-wani ingkah ti lembur acan. Lumrah mun Mang Teten masih inget kènèh ka Kang Jaja bubuhan babarengan geus lila, meureun mah pait kalakonan duaan, bagja gè kudu.

    Kang Jaja amitan kanu jadi kolot. Kasawang rèk pipisahan jauh. Mèmèh mangkat tunya-tanya heula sual Jakarta ka Pa Lurah nu kungsi ulin ka Jakarta. Ti mimiti beus nepika angkot mèh dibejaan Tuluy ngaran jalan, tempat, pasar. Pa Lurah ngadadak nyieun peta sangkan engkè Kang Jaja teu barieukeun sasab di jalan. Kang Jaja unggut-unggutan. Nganuhun-nuhun. Enya, Mang Teten tèh nitah Kang Jaja datang wè ka alamat nu kungsi ditulis dina surat. Tèangan di pasar jeung di ruko nu ngaranna geus puguh jentrè dina eusi surat. Datang wè baè saongkoseun gè, basana.

    Beuleunyeung Kang Jaja numpak beus. Sajajalan manèhna nyawang pikahareupeun. Nya sugan wè aya milik nu gedè. Rèk milu mantuan Mang Teten di Jakarta, puguh cenah dunungan Mang Teten butuh pagawè deuih. Nya èta tèa nu diarep-arep ku Kang Jaja, pagawèan nu nyampeurkeun sorangan. Najan dititah naon gè daèk waè asal tong dititah ngitung angka-angka. Butek, basana. Ngitung duit mah bae. Kang Jaja sura-seuri sorangan.

    Saumur-umur nyunyuhun hulu, kakara Kang Jaja nyaba jauh kieu. Ah itung-itung pangalaman cenah. Hatè Kang Jaja sajajalan norowèco. Teuteup Kang Jaja ngintip tina jandèla nempo kaluar. Asa waas keur Kang Jaja mah nu tileuleutik gumulung ukur di lembur. Nempo tempat anyar tèh asa ngarasa hèlok. Nyaan dunya tèh lega kènèh. Kang Jaja ngarasa sebel. Beuteung asa murel hayang utah. Kusiwel mawa kèrèsèk tina kantong. Ditahan-tahan ogè. Reup dipeureum-peureumkeun panonna hayang disarèkeun, mèh teu karasa di jalanna. Panon poè ngarayap nyorotkeun panasna. Hawa jero beus ngadadak bayeungyang.

    Dipeureum-peureumkeun gè angger Kang Jaja tèh teu bisa sarè. Nu gigireun mah budak pamuda ngagerenyem wè dahar kacang teu eureun-eureun. Sakapeung mah nawaran Kang Jaja. Kang Jaja ngahanjakalkeun teu mekel dahareun ti imah. Cai nginum gè hanteu. Kadèngè ukur sora mesin ngagerung luhureun aspal, puguh panumpang mah jempè jiga nu taribra kabèh.

    “Hareudang nya, Pa.” ceuk nu gigireun semu nyengir ngipas-ngipas awak ku sapu tangan.
    “Enya pisan, Cèp. Keur kaayaan kieu mah hayangna teh gebrus mandi.” Ceuk Kang Jaja. Budak pamuda seuri ngahahah. Atoh pisan Kang Jaja aya nu maturan ngobrol, make basa Sunda deuih, jadi asa teu kararagok ngawangkong gè.

    Nyaan ku ngawangkong mah Kang Jaja gè teu karasa kesel jero mobil tèh. Eta budak pamuda tèh budak mahasiswa. Cenah rèk ka lanceukna di Jakarta. Keur mangsa liburan kuliahna jadi nyelang ulin ka Jakarta, sarua jeung Kang Jaja rèk ngadon gawè. Tah geuning, kabèh jelema geus lieur ku duit mah. Mahasiwa gè nu kawajibanna diajar teu welèh nyelang nyiar duit. Kang Jaja unggut-unggutan seuri jero hatè.

    Nya tidinya Kang Jaja bacèprot ngawangkong ngalèr-ngidul jeung manèhna. Geuning karasa beuteung Kang Jaja lapar kacida. Kang Jaja ngarumas. Untung wè ari nginum hungkul mah budak pamuda tèh nawaran. Leguk wè Kang Jaja teu èra nginum bangun nu hanaang kacida. Beurang panasna turun. Panon poè nyumput tukangeun mèga. Hawa teu bayeungyang teuing. Genah karasana kana awak Kang Jaja na gè.
    Mingkin lila, Leng. Reup Kang Jaja peureum…

    ***

    Geuning lain reup kawas ilaharna sarè. Kang Jaja kapiuhan lila pisan. Barang lilir manèhna keur di geuing-geuing ku supir jeung kondèktur. Kang Jaja nguniang hudang. Sirah semu lieur, awak nyeri, beuteung nyeri. Kang Jaja istighfar. Panonna rinyay. Tikoro asa pahang. Awakna panas nyebrèt. Teuing geus sabaraha jam teu sadar. Kang Jaja luak-lieuk. Geuning beus mah geus towong. Leungeunna ngagarayam neang kantong. Ataghfirullah! Kamana kantong? Kang Jaja reuwaseun.

    “Kamana kantong, Kang? Kamana kantong kuring?” Kang Jaja tatanya ka kondektur jeung supir. Nu ditanya kalahkan silih pelong. Gebeg deui Kang Jaja reuwas basa nempo arloji dina leungeunna leungit. Kusuwal-kusiwel kana sakuna. Gebeg deui. Duitna gè euweuh. Ukur nyèsa dua rebu. Goak Kang Jaja ngagoak. Kokotètèngan bangun ku bingung. Biwirna ngageter. Panonna carinakdak. “Mana duit kuring! Mana arloji kuring! Mana kantong kuring!” kang Jaja cocorowokan. Supir gogodeg. Kondèktur ngarènghap panjang.

    “Kamu dicopet, Mas.” Ceuk kondektur ka Kang Jaja. Nu diajak ngomong olohok.
    “Kejadian lagi, Bang…” kondektur ngarahuh. Pon kitu deui supir.
    “Gak salah, Don, kena tipu ni orang…”
    Kang Jaja kaluar tina beus bangun nu linglung naker.

    Langit katèmbong ceudeum. Jelema lalar liwat di sisi jalan. Sora mobil silih tèmbal. Di terminal Kang Jaja luak-lieuk bingungeun. Kang Jaja ceurik. Kudu kamana lalampahan. Apan alamat aya dina surat. Suratna dina kantong. Leungeunna ngadègdèg ngodok saku baju. Aya kertas sacewir. peta ti Pa lurah tèa. Untung peta mah aya. Di terminal Kang Jaja tunya-tanya ngeunaan peta dina kertas. Inget kènèh Pa Lurah mèrè pijalaneun.

    “Wah, masih jauh, Mas. Naik mobil angkot lagi dua kali kalo mau sampai..”
    Butuh tujuh rèbu cenah mun hayang tepi naik angkot. Leng Kang Jaja ngahuleng. Naik mobil duit timana. Apan dua rèbu deui. Kang Jaja kokotètèngan di terminal. sakapeung ngawani-wani miceun kaèra mènta duit. Tapi euweuh nu daèk mèrè. Teungteuingeun. Hareupeun èmpèr toko Kang Jaja ceurik deui. Gusti, kudu kumaha ayeuna pilampaheun? Kang Jaja ngajerit jero hatèna.

    Ngarasa geus nyaho jalan mah Kang Jaja rèk nekad leumpang. Tapi awakna asa leuleus. Beuteung Kang Jaja kokoèt lapar kacida. Hareupeunna aya tukang kupat tahu. Kang Jaja kumètap. Kupat Tahu: Rp. 3000. Deuh, kurang sarèbu dina meulina gè. Kang Jaja ngarènghap panjang. Rènghapna seuseut. Rèt ka toko, nempo jam dinding. Geus asub satengah lima. Nyur hayang kiih deuih.

    Teu kungsi lila, Kang Jaja nèangan WC. Di belah kulon manggih WC. Bus manèhna abus. Pikiran mah kumalayang kamana mendi. Hatè nyeri. Inget kudu solat mah. Kabeneran aya mushola ngahiji jeung WC umum. Geuwat manèhna wudu. Sajeroning solat, hatè mah ngacaprak teu puguh jurus. Teu welèh jerit mènta tulung ka Pangèran. Sabada rèngsè solat, Kang Jaja lila ngadu’a. Teu poho mungkas sasadu saklek ka Gusti bakating ku bingung. Bakating ku jangar…

    Gusti, naha bet meunang musibah kawas kieu? Atuh tulungan sim kuring. Enya, kuring mampuh leumpang nyorang alamat. Daèk. Tapi awak leuleus inggis teu kuat lalampahan. Tulungan Gusti. Ayeuna pisan kuring mènta tulung butuh duit sarèbu wè keur meuli kupat tahu. Lapar kacida Gusti. Pitulung Anjeun mah sok datang timana wae…

    Kang Jaja teu nyaho deui kudu ngadu’a naon. Nu aya amah pikiran nu sarwa bingung. Pajeujeut. Kang Jaja cengkat. Manèhna kaluar ti mushola. Teu poho ka kamar WC heula. Leguk nginum ciatah. Sabot rèk kaluar ti WC, manèhna ngadèngè aya nu ngageroan…

    “Mas, Mas…” aya pamuda nepak taktak. Awakna jangkung gedè. Lungeun si manèhna nunjuk kotak gigireun panto. Mandi, Kencing, Berak Rp. 1000. Leng sirah Kang Jaja muter. Gusti… karèk bieu pisan kuring mènta tulung hayang duit sarèbu, na atuh kalahka dipènta sarèbu. Kang Jaja ngagoak dina hatèna…

    Jatinangor, 12 Februari 2008

    0 Responses to “Carpon: Nu Mangkat Nyaba”

    Post a Comment

    Subscribe