Wednesday 11 January 2006

0

Sumantoisme Agama

  • Wednesday 11 January 2006
  • Unknown
  • Share
  • Jigana baheula, bakating bosen bakakak, Sumanto dahar daging jelema. Manehna mangsa sasama, teu era-era. Balaga pisan daharna atah-atah. Tapi aya beja ti belah wetan manehna kitu kusabab balangsak. Aya deui ti belah kaler, nu nyangka manehna rada gelo. Beda deui ti belah kidul, Sumanto cenah kitu teh kusabab mulut buaya. Ceuk belah kulon mah cenah kusabab Sumanto teh teu boga agama, jadi dahar jelema.

    Tapi da zaman ayeuna mah nu boga agama oge resep dahar sasama. Balatak jelema nu ngadahar dulur sorangan jeung jahat ka sasama: merkosa, maehan, nipu, kasar ka dulur nu beda kayakinan jeung sajabana. Teu ngajamin oge jelema nu ngaku boga agama, sok sholat, sok zakat tapi hatena masih jahat, dengki, iri, sombong ceuk ustad mah…Loba jelema nu boga agama masih ngabalieur ti dulur, tara nulungan sasama, sok nyiksa jeung sok rujitan ka tatangga. Anehna, lolobana jelema nu bangkawarah teh bogaeun agama. Ceuk kuring mah, edanna jelema nu boga agama tapi masih jahat balukar tina can ngartina jelema kana agama.

    Tapi leuwih aneh oge, loba jelema nu ngaku teu boga agama formal, tapi sholeh hirupna. Jadi aya naon jeung agama? Agama Islam balangsak kusabab umatna loba nu bangkawarah; sholat, tapi teu mikir…akibatna korupsi, kolusi jeung nepotisme masih ngawabah di mana-mana, dugi ka Depag oge rea; loba jelema nu boga agama masih jahil ka batur. Jiga ngaku boga baju, tapi teu dipake, kan percuma….jiga nu rada gelo–euweuh kaera, jiga Sumanto nu teu gableg kaera dahar daging jelema, padahal masih loba daging hayam hehe….

    Catatan Harian, 11 Januari 2006

    0 Responses to “Sumantoisme Agama”

    Post a Comment

    Subscribe