Tuesday 1 January 2008

0

Sajak Sunda: Wilujeng Sumping, Anaking

  • Tuesday 1 January 2008
  • Unknown
  • Share
  • Anaking…
    Bismillah ngayuga lampah, Anaking
    Balukar jangar neunggar kahayang
    Balukar sasar medar rumingkang
    Sing jembar sabar
    Tong jadi hambar ihtiar…Kalangkang beurang sok ngolo
    Hariring peuting sok ngadodoho
    Raksa rasa ukir pikir
    Mun gering tong rungsing
    Mun cageur tong badeur
    Sujud mun pareng dipinding
    Sukur mun pareng dipondong
    Ulah ceurik jadi jalma leutik
    Ulah sombong abong di gedong
    Lain batur, kabeh ge dulur
    Neang halal, awurkeun amal
    Ulah lieur ku madu dunya
    dumeh perlaya moal sulaya…
    Januari 2008

    0 Responses to “Sajak Sunda: Wilujeng Sumping, Anaking”

    Post a Comment

    Subscribe