Monday 10 December 2007

0

Carpon: Domba Mang Nana

  • Monday 10 December 2007
  • Unknown
  • Share
  • Carpon Badru Tamam Mifka



    Mang Nana susumpahan, manèhna sataun sakali dahar daging. Sapopoè mah cenah deungeun sangu tèh saukur tahu jeung asin peda, èta gè sok dioloan kènèh ku pamajikanna. Lamun pareng euweuh nanaon, sok murulukan sangu ku uyah atawa kècap. Kabutuhan sapopoè ayeuna mah mahal, kabèh naraèk hargana. Bororaah dahar daging, meuli bèas gè kacida rungsingna.

    Tapi cenah batur mah teu nyahoeun kaayaan manèhna, teu paduli, komo deui pamarèntah nu sapopoè diogo ku kaayaan sarwa ngenah mah, tangtuna hèsè ngarasakeun yèn dihandap loba rahayat nu masih balangsak hirupna, jiga manèhna.

    “Kuring mah sapopoè ngangon domba, tapi tara ngasaan dagingna samènèl-mènèl acan” ceuk Mang Nana bari melenyun udud bako. Mang Nana sok ngurus domba nepika gedè, kakara lamun mangsa ramè Qurban jiga ayeuna, domba tèh sok dijual.

    “Untung wè teu ngajual budak gè nya, Mang” pok kuring heureuy

    “Miskin ogè kuring mah teu kapikiran ngajual budak” pokna nèmbal

    Mang Nana nyarita manèhna boga budak hiji awèwè. Sakolana kelas 4 SD. Cenah kiwari mah sakola tèh biayana mahal. Sarua mahalna jeung duit jajan 3 poè budak pajabat. Budakna pernah rèngking 2 di kelasna. Lamun teu watir mah ka budak, Mang Nana moal nuluykeun sakola budakna, lantaran biayana eungap. Tapi cenah geus kapalang disorang, kapalang budak katempo pinter, Mang Nana embung ngarasa capè susuruduk jungkir balik nèangan duit keur biaya sakola budakna, ngandelkeun jadi kuli bangunan jeung bisnis domba, ditambah kupanghasilan pamajikanna jadi buburuh gawè di sawah batur.

    “Peupeuriheun kuring jeung indungna mah SD gè teu tamat, atuh budak mah kudu sakola luhur.” Ceuk Mang Nana semu dareuda.

    Kuring teu ngahaja ngobrol lila jeung Mang Nana poè èta. Tapi kuring betah ngobrol jeung manèhna. Itung-itung maturan Mang Nana, itung-itung reureuh ngupahan kacapè lantaran ti isuk kuring teu eureun gudag-gidig nèangan sapi alus keur Haji Daud. Lamun teu dititah kudu meuli sapi mah, kuring rèk meuli domba Mang Nana. Tapi Haji Daud keukeuh hayang meuncit sapi, pajar tèh kapanasan ku Haji Bibin nu tilu poè katukang geus meuli sapi montok.

    Salila kuring ngobrol jeung Mang Nana, manèhna teu welèh wè ngaitkeun omongan sual pajabat. Kuring sok seuri ngabandunganna. Gening dihandap ogè loba rahayat leutik nu kritis ka pamarèntah, ngan hanjakal wè teu bisa nanaon, saukur bisa ngomongkeun. Atuda teu bedana kawas pacikrak ngalawan merak rahayat leutik nyanghareupan pamarèntah mah, teu saimbang. Mang Nana mah cenah teu ngarti kalakuan pajabat di luhur nu paciweuh ngantri marebutkeun kursi nu leuwih mèwah, ari di handap rahayat patingkocèak ngantri paribut minyak tanah.

    Cenah mah Mang Nana sok haneueul lamun pareng ngadèngè aya pajabat nu korupsi. Sakumaha nu sok kadèngè dina tèlèvisi, loba pajabat nu korupsi tapi sok babari babalicetan, nyogok pangadilan jeung antukna mah bèbas teu karagap hukum. Pajabat kitu tèh cenah teu bisa nyontoan hadè ka rahayat di handap. “Ongkoh pinter, tapi teu cageur.” Ceuk Mang Nana meni nasteung.

    Kuring mah ukur loba ngabandungan wè. Tapi lamun dipikir-pikir, geus loba rahayat leutik kawas Mang Nana, lamun ngobrol sual pajabat sok disakompetdaunkeun. Jigana pajabat tèh kabèh rujad ahlakna. Tapi teu salilana disalahkeun kaayaan kitu tèh. Kuring ngarasa rahayat kiwari mah geus hèsè mèrè kapercayaan ka pajabat pamarèntahan tèh, lantaran loba kajadian pajabat jalir janji ka rahayat, gawèna tèh ukur nyenangkeun diri sorangan tapi nyusahkeun jalma leutik.

    Sabot keur ngeunah-ngeunahna ngobrol sisi jalan, torojol budak awèwè Mang Nana mawa rantang dahareun. Pamajikan Mang Nana teu welèh nganteuran dahareun saayana ti imahna, teu welèh inget ka salaki nu keur ihtiar ngajual domba ti isuk-isuk. Hatè leutik mah sok kabita hayang gancang boga pamajikan jeung budak jiga kaluarga Mang Nana. Katempona tèh meni arakur tur bagja.

    Lamun teu inget mah boga tugas ti Haji Daud, kuring bakal ngobrol lila bari nagog nepika peuting jeung Mang Nana di sisi jalan èta. Tapi kuring embung katempuhan lamun peuting ayeuna can manggihan kènèh sapi keur Haji Daud. Poè geus sareupna, bèwok tingaraclok luhureun jukut, kuring amitan ka Mang Nana…

    ***

    Sapi tèh manggihna mah di Tanjungsari. Rebun-rebun kuring geus ngingkig muru sapi ka Pasar Domba. Geus rèngsè tugas tèh ayeuna mah, moal hariwang deui. Kuring ayeuna mah rèk nèang Mang Danu titah gancang anteurkeun sapi ka imah Haji Daud. Di Pasar Domba masih loba jelema saribuk bisnis domba. Sabot kukurilingan maksud nèang Mang Danu, kuring nempo Mang Nana nuntun budakna, luak lieuk nempoan domba jiga nu bingung. Kuring ngahaja nyampeurkeun heula. Mang Nana jiga nu reuwas ditepak taktakna ku kuring.

    “Aèh, gening Mang Nana aya didieu?” Kuring kerung nempo beungeut Mang Nana kiruh jiga nu kaleungitan sumur. Mang Nana arapap-eureupeup.

    “Kunaon, Mang?” kuring nanya panasaran.

    “Nyaèta, Jang…muhun, Jang. Peuting tadi pisan domba emang aya nu maling.” Ceuk Mang Nana bari nysusut panonna nu cirambayan. Sorana geumpeur. Budakna nu tatadi ngilu luak-lieuk, melong bapana bari ramisak. Kuring reuwas ngadèngèna.

    “Baruk aya nu maling?” kuring ngahelas. Watir nempo Mang Nana jiga nu teu kuat nahan ceurik. Antukna mah kuring maturan Mang Nana kukurilingan di Pasar Domba, maksud rèk nèang domba, sugan-sugan ka panggih didinya. Geus dua jam kukurilingan, kuring ngarasa capè. Tapi Mang Nana teu eureun kaditu-kadieu. Jadi watir ka budakna nu sapanjang jalan nginghak ceurik teu eureun-eureun.

    “Atuda hèsè, Mang Nana, domba mah kabèh ampir sarua.”

    “Kuring nyaho, kuring nyaho…” Mang Nana jiga nu ngomong sorangan, jiga nu linglung. Mang Nana geus tunya-tanya ka hampir jelema nu aya didinya. Mang Nana geus mariksaan kabèh domba nu aya didinya. Kuring nyaho, Mang Nana kasiksa nahan kaambek. Budakna ceurik beuki tarik, teu welèh kacarèkan ku Mang Nana. Kuring kapaksa ninggalkeun Mang Nana, maksud rèk manggihan heula Mang Danu. Kuring milu nganteurkeun sapi ka imah Haji Daud. Teu nyangka lamun kuring dibèrè tugas deui, nepika poho rèk maturan Mang Nana jeung budakna di Pasar Domba. 

    Jam salapan peuting, tugas ngurus panitia Qurban keur isuk geus rèngsè. Kuring ngahaja balik deui ka Pasar domba, susuganan Mang Nana masih ngulampreng jeung budakna di Pasar domba. Sajam leuwih nènèangan, kuring teu manggihan Mang Nana. Kuring diuk reureuh heula handapeun tangkal kiara. Teu karasa girimis ipis miripis. Langit poek. Jelema di Pasar Domba geus teu paciweuh deui. Renghap kuring ngadadak eungap. Kuring inget terus Mang Nana. Ti mesjid belah kulon, geus kadenge sora takbir. Panon kuring ujug-ujug peurih. Hate kuring ujug-ujug peurih…

    ***

    Langit katempo asa leungit. Panon poè teu karasa haneut. Jelema geus baralik solat sunat. Acara Qurban geus ramè di mana-mana. Bedog nyisit, geutih ngucur, takbir ngahaleuang. Domba jeung sapi dibelèk, diacak-acak, dikèrèsèkan. Jelema geus ngarumpul rèk muru daging teu jauh ti masjid Agung. Jelema ngantay jiga nu rèk demonstrasi. Leungeun geus ngopèpang. Bujur geus silih bintih. Tibelah katuhu, tuturubun Nini Acih muru daging domba. Tibelah kènca, aki-aki parasèa parebut daging sapi. Kolot jeung budak silih dupak. Blak nangkarak ki Duyeh kasèpak Mang Dadang, rancatanna ngait suku Nyi Ijah, gurawil solontod Nyi Ijah nyuuh bujur Ki Dasmi. Kocèak bujur Ni Rusmini kasundut udud kang Nunu. Geus teu bèda jeung budak leutik, aki-aki jeung nini-nini silih suntrung. Geus satengah kacow. Panitia Qurban paciweuh ngatur nu ngantri, sukuna geus pajeujeut jeung tali rapia. Satpam Dahlan nu kumisan niup piriwit nepika racleng ciduhnya. 

    Sataun sakali, sataun sakali…

    Karasa ku kuring, unggal idul Qurban hungkul bisa dahar sate seubeuh tèh. Lamun ngahaja meuli di alun-alun mah, dahar satè domba gè asa dahar satè laleur, teu karasa. Komo tukang satè belah wètan (nu embung disebut ngaranna) sok cararang daging domba dina tusukna tèh. Pajar tèh ètamah domba campuran bikang jeung jalu, jadi ditusukna gè kudu anggang, sanès muhrim cenah. Haramjadol nu dagang tèh. Tah karasa poè Qurban mah, tukang satè manyun teu bisa ngala bati, sualna kabèh jelema bisa meuleum satè sakahayangna. Lamun aya nu beunghar gè, maranèhna mah sok ngahaja ngadon nyatè di rèstoran. Didieu mah, ti mimiti budak nepika kolot pasedek-sedek muru daging. Kuring saukur bisa gogodeg. Gusti nu agung, ngabelaan hayang dahar daging, jelema geus embung ngarasa awak pasiksak. Hatè leutik mah sok sedih nempona. Ti kajauhan kuring nempo jelema ngantay. Kuring nempo jelema pasedek-sedek sieun daging bèakeun. Gusti, kuring nempo budak jeung pamajikan Mang Nana, silih tuntun, ngilu pasedek-sedek, ngilu parebut daging.

    Singhorèng Mang Nana mah keur diuk sorangan di tèras masjid belah wètan. Beungeutna katempo beureum. Panonna cirambayan. Sakapeung manehna mencrong langit. Sakapeung melong budak jeung pamajikanna. Sakapeung nyusut cipanon. Sabar nya, Mang Nana, sing sabar. Tong jadi kanyenyerian…[]

    Kainspirasian ku Mang Nana, hatur nuhun curhatna...

    Ciromed-Sumedang, Desember 2007

    0 Responses to “Carpon: Domba Mang Nana”

    Post a Comment

    Subscribe